Istijradna kang tekanan, Karaton téh salin rupi, jadi leuweung jujumplukan, kitu deui pra Bopati, diteunggeul ku Lagoni, sadayana jadi maung, buntut panjang tinggarebay ting galaur matak gimir, anu tutul anu loréng warna-warna. Dupi nu jadi Rajana, Ratu Batulayang Aji, harita sadaya budal, kebat ka Sancang darugi, sadaya teras cicing, nya éta di Sancang matuh, malah mah gentos jenengan, Ratu Patek Salinwarni, rayat Sancang kawit Ménak Pajajaran. Éta ti wangkid harita, tug dumugi ka kiwari, janten maung kajadian, kajajadén tina jalmi, dugi ka seuweu-siwi, tuluy tumuluy tumurun, Pajajaran ilang musna, tilem kasilih ku junti, anu kantun wawangina nu sumebar.