Ménakjingga lajeng nyingkabkeun kulambu, arék nyandak Wesikuning, bantalna diawut-awut, tétéla jimatna leungit, emban disepak ditajong. Di sajero karaton cékcok ngaguruh, Ménakjingga banget pusing, rasa kaasupan pandung, galihna geus maras-miris, Damarwulan nyaur alon. Ménakjingga hayoh geura gancang turun, jimat manéh Wesikuning, kami anu jadi pandung, manéh supaya ngaharti, ka pungkur anu geus maot.