Damiri ngahuleng baé, henteu ngo- mong naon-naon, pikirna asa di pangimpian, jeung banget henteu ngartieun ku lalampahan dulurna, babakuna tina teu disangka ti tadina, yén maranéhna bakal taréga ka nu jadi adi. tungkul pasemonna alum, teu ngomong bawaning bingung, pikiran banget sedih, lumenyap inget ka dulur, téga ninggalkeun ngalolos. Ngomong dina jeroning atina, “Na atuh lanceuk aing téh naon karepna anu matak maringgat? Emh, palangsiang bener sakumaha panyangkana mang Asta, yén kang Darma jeung kang Salim, sapongkol jeung Sujatma anu geus kaustara, bisa nipuna jelema......”