Jayéngrana ti jongjolong, henteu ari kungsi nambru mah, da wak¬tu ngabantingkeun téh méh kabawa. Sanggeus Jayéngrana nangtung jag¬reug deui, sadia geusan nahan pang¬jungjung Jaka, ku Jaka diso¬dok ti gigir. Leungeun katuhuna le¬bah tonggongna, nu kénca lebah bu¬jurna. Sakilat Ja¬yéngrana geus nang¬karak luhureun sirah Jaka. Leungeunna ngo¬¬pépang rék nyekel kana sirah Jaka. Teu bisa ka¬jéwang, lantaran ku Jaka terus diputerkeun. Beuki kenceng muterkeunana, beuki béak tanaga Jayéng¬rana. Diputerkeun bari leumpang pipindahan. Sababaraha puteran Jayéngrana geus teu walakaya. Jelema-jelema surakna beuki ramé, bari hariwang pi¬sa¬kumahaeun jadina mun sanggeusna diputer¬keun kitu téh dibantingkeun. Moal teu pasiksak. Pamajikan Jayéngrana nu dina panggung ngago¬ak, bari terus tuturubun, lumpat ka pakalangan.