Ieu buku eusina dua welas karangan nu tadina mah bacacar di sawatara surat kabar jeung ro¬hang¬an seminar. Disusun sarta diumumkeun ku Ajip Rosidi dina taun-taun 1950-an nepi ka 1960-an, mangsa ieu pangarang keur “dedegler” kénéh. Karanganana remen karasana peureus, togmol, tapi tetep rasional sarta proporsional. Demi anu jadi jejerna taya lian iwal ti pirang-pirang perkara penting di sabudeureun sastra Sunda sabada pe¬rang. Ajén ieu buku babakuna patali jeung tarékah Ajip enggoning ngabaladah tradisi kritik sastra Sunda, ku jalan nandeskeun sarta ngélingan ré¬hing sastra Sunda geus wayahna kudu miboga “dasar-dasar kasadaran anu leuwih tohaga”, sabab cenah “jaman nyastra sasambian atawa jaman sa¬sas¬traan geus kudu ditinggalkeun”.