Ku kitu ku kieu karancage Darpan pohara gede ajenna pikeun kamekaran sastra Sunda. Dina sastra Sunda ilaharna nu ngarang teh tara incah balilahan tina kasang tempat anu jadi pamiangan carita-carita nu sok dicaritakeunana. Upamana bae urang bisa ngabanding-banding antara carpon-carpon Holisoh M.E. nu sok ngiblat ka pilemburan jeung carpon-carpon Aam Amilia nu sok ngindung ka pakotaan. Kalawan nyieun Rusiah Kaopatwelas, Darpan sasat nuduhkeun yen boh desa boh kota pada-pada bisa dijieun pamiangan enggoning ngareka prosa. Atuh urang nu macana kabantu pikeun neuleuman unak-anik kahirupan di unggal padumukan. ~ Hawe Setiawan