“Sora karéta nu keur kahuru ngaguruh tingbeletok matak ketir nu ngadéngé. Pucuk seuneu beuki luhur beuki nanjeur ka langit. Nya hareupeun seuneu nu nanjeur téa Yoshihidé ngajengjen nangtung teu usik-usik. Kacida anéhna sanggeus sababaraha waktu ngarandapan siksaan batin nu pohara, beungeut Yoshihidé nu tadi ranteng ku urat ayeuna ngendoran. Manéhna kawas nu poho ka nu aya di sakurilingeun dirina, malah siga nu teu maliré kana kahadiran Otono Sama di dinya. Manéhna jongjon nangtung sidakep neuteup lautan seuneu nu ngabebela. Manéhna kawas nu teu nénjo yén anakna keur nyanghareupan ajalna kalawan kejem. Malah kawas nu resep nénjo pucuk seuneu ngaléntab awak anakna nu keur nandangan siksaan.” Kajadian di luhur dicutat tina carpon “Seuneu Naraka” karya Akutagawa Ryunosuké, nu ngagambarkeun kumaha Yoshihidé, pelukis istana Otono Sama nu mashur tapi kacida “ékséntrik”—lamun teu meunang disebut “gélo”—téga pisan ngorbankeun anak awéwéna nu ngan hiji-hijina jadi mo-dél lukisan nu dijudulan “Seuneu Naraka”. Manéhna hayang ngagambarkeun sacara “réalistis” kaayaan jalma-jalma nu nandangan siksa naraka. Salian ti “Seuneu Naraka”, Tini Kartini ogé narjamahkeun dua carpon lianna: “Tukang Suling jeung Kaisarna” karya Yoshikawa Éiji jeung “Jalma Buangan” karya Mori Ogai. Yoshikawa téh pangarang Jepang nu di Indonésia kawentar lantaran bukuna Mushashi.