Bul kukus ngapung ka Bandung Dalingding ka dayeuh kuring Nyambuang ka kota urang Tepiswiring tempat nyaring Kota Kembang tempat ngarang Tempat ilham beurang peuting Kota Bandung téh merenah pisan upami disebat Kota Inspirasi, pangpangna kanggo para sastrawan Sunda, hususna panyajak. Salasahiji buktosna katingal dina sajak-sajak karya para sastrawan ti unggal entragan nu nyandak latar dayeuh Bandung. Cindekna mah Kota Bandung téh tempat nu maparin inspirasi ka para panyajak dugi ka lahir sajak-sajak ngeunaan Bandung, ti ngawitan nu tumali sareng sasakala, cinta, patalimarga, dugi ka perkawis pasoléngkrahna runtah kota. Niténan sajak-sajak dina ieu buku, ébréh pisan kaayaan dayeuh Bandung ti mangsa ka mangsa nu diserat ku panyajak unggal entragan. Ditingal tina titimangsana, sajak-sajak dina ieu buku téh ngagambarkeun kaayaan Bandung ti taun 1957 dugi ka 2005. Sanaos sajak nu kapidangkeun di dieu téh henteu lengkep saban taun, nanging ditingal dina panyajakna mah méh saban entragan kawakilan.