Puguh we dina enas-enasna mah sajak Teddi teh katingalina miang tina pangalaman pribadi nu kongkrit. Ngan bae lebah ngebrehkeunana katembong nu nyajak metakeun tarekah sangkan tepi ka pribadi-pribadi lianna, nyaeta kum we nu maraca. Lebah dieu katitenan perkara nu kadua, nyaeta perkara pretensi sajakna. Dina ieu buku aya sawatara sajak nu tayohna ngajak mikir, sasat aya momot gagasan di satukangeun ungkarana. Sajak "Siram", "Sabudereun Meja", "Ngeunteung", jeung "Tembang Tresna Saos Tomat", upamana, siga ka dinya loyogna. Nu nyajak sasatna ulin di antara "kalangkang jeung logika" nu teu pamohalan aya kalana "pabentar silih yakinkeun". Nu diimplengna aya kalana tumali jeung pati, cara "Tutas Mandi Muka Lomari" atawa "Ngiringkeun Pasaran", tur aya kalana deuih tumali jeung hal-ihwal nu sipatna metafisik cara "Ngaderes Hasan Mustapa" atawa "Halwat". Ku jalan kitu, bawirasa, Teddi geus nembongkeun potensina enggoning ilubiung ngamekarkeun sajak Sunda.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.