Sajak-sajak Juniarso teh umumna ngedalkeun suasana nu prihatin, malah tampolana sedih. Demi pikeun ngedalkeun kasedih jeung kaprihatin nu ngan¬cik di sumur batin, gambaran ngeunaan kaa-yaan di luareun diri pohara dipentingkeunana. Ung¬kara-ungkara nu sipatna deskriptif tur metaforis kayaning “girimis nu nyuruwuk” atawa “walungan nu guli¬gah” upamana, ditekenkeun sangkan luyu jeung gerentes hate nu deuk dikedalkeun. Nu diteken¬keuna¬na, babakuna lain naon nu katém¬bong di lu¬ar¬eun diri, tapi naon nu karasa di jero diri. — Hawe Setiawan