Lalakon Radén Suria Sungkawa sareng Endén Ratna Wulan anu didongéngkeun ku Méméd Sastrahadiprawira (1897-1932) dina Jodo Pakokolot téh. Duanana kungsi pakait pikir, patukeur kacintaan. Kari-kari, Endén Ratna ditikahkeun ka nu sanés. Atuh teu wudu Dén Suria kacida baluwengna, liwung linglung raos nu kasarung. Tina sakitu liwungna, datang ka percaya kana tahayul anu antukna ngagebruskeun Dén Suria kana jurang kahinaan, ngaringkuk di pangbérokan. Sakaluarna ti pangbérokan, Dén Suria nyingkahan wiwirang, lolos ti bali geusanna ngajadi. Anjeunna nyingkur di lembur, nyamur jadi tukang mikat manuk titiran katelah Ki Sura. Kersaning Nu Kawasa, carogéna Endén Ratna tilar dunya, nya ti harita Endén Ratna nyingkur di lembur deuih. Demi nyingkurna téh sareng putrana anu alit kénéh. Encép, nyaéta putrana Endén Ratna téa, resep kana manuk, wawanohan jeung Ki Sura, nyobat dalit pisan. Nya Encép anu sasatna jadi marga lantaran tepangna deui Endén Ratna sareng Dén Suria téh, anu saterasna mah saé diaos baé lalakonna. Lalakon panglipur, minangka raéhan tina Il Decameron, salah sahiji karya utama Abad Pertengahan, yasana Giovanni Boccaccio anu kawentar. Ku tiasa Méméd nyundakeunana, mindahkeun kasang ti Éropah ka lembur urang, nepi ka karasana merenah, luyu jeung acining batin balaréa Sunda.
"Radén Méméd Sastrahadiprawira" Buku "Radén Méméd Sastrahadiprawira" adalah karya yang menggambarkan hidup dan karya sastra Radén Méméd, seorang penulis sastra Sunda yang berjasa di bidang literatur Sunda pada era awal. Radén Méméd dilahirkan di Manonjaya pada tahun 1897 dan meninggal di Jakarta pada tahun 1932. Sebagai seorang penulis romantis, Radén Méméd menyelesaikan pendidikan di Sakola Ménak (STOVIA) dan kemudian diterima sebagai CA (Candidaat Ambtenaar) yang berfungsi sebagai Camat di Bojongloa, Bandung. Walaupun berkecimpung dalam bidang administrasi, Radén Méméd tetap menjadi penulis sastra yang aktif. Selama masa kerjanya di Balai Pustaka, Radén Méméd berhasil menghasilkan berbagai karya sastra, termasuk novel dan puisi. Beberapa judul karyanya yang terkenal termasuk "Jodo Pakokolot," "Rarancang Jilid," dan "Ilustrator." Buku ini memberikan wawasan tentang kehidupan Radén Méméd, karirnya di Balai Pustaka, dan karya-karyanya yang berkontribusi besar dalam dunia sastra Sunda. Karya-karya Radén Méméd mencerminkan gaya menulis yang unik dan khas, dengan bahasa yang ringkas dan mengena. Buku ini bukan hanya sejarah tentang Radén Méméd, tetapi juga membuka jendela ke dunia sastra Sunda pada era awal abad ke-20.
Unduh untuk perangkat lain: