Lalakon Radén Suria Sungkawa sareng Endén Ratna Wulan anu didongéngkeun ku Méméd Sastrahadiprawira (1897-1932) dina Jodo Pakokolot téh. Duanana kungsi pakait pikir, patukeur kacintaan. Kari-kari, Endén Ratna ditikahkeun ka nu sanés. Atuh teu wudu Dén Suria kacida baluwengna, liwung linglung raos nu kasarung. Tina sakitu liwungna, datang ka percaya kana tahayul anu antukna ngagebruskeun Dén Suria kana jurang kahinaan, ngaringkuk di pangbérokan. Sakaluarna ti pangbérokan, Dén Suria nyingkahan wiwirang, lolos ti bali geusanna ngajadi. Anjeunna nyingkur di lembur, nyamur jadi tukang mikat manuk titiran katelah Ki Sura. Kersaning Nu Kawasa, carogéna Endén Ratna tilar dunya, nya ti harita Endén Ratna nyingkur di lembur deuih. Demi nyingkurna téh sareng putrana anu alit kénéh. Encép, nyaéta putrana Endén Ratna téa, resep kana manuk, wawanohan jeung Ki Sura, nyobat dalit pisan. Nya Encép anu sasatna jadi marga lantaran tepangna deui Endén Ratna sareng Dén Suria téh, anu saterasna mah saé diaos baé lalakonna. Lalakon panglipur, minangka raéhan tina Il Decameron, salah sahiji karya utama Abad Pertengahan, yasana Giovanni Boccaccio anu kawentar. Ku tiasa Méméd nyundakeunana, mindahkeun kasang ti Éropah ka lembur urang, nepi ka karasana merenah, luyu jeung acining batin balaréa Sunda.