Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat tangtu baé macaan jengléngan idé saban pangarangna. Macaan jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu diéksprésikeun dina wangunan carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu ngagayem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasana béda-béda téa. Ngan nu tangtu, macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat, teu burung macaan harepan sastra Sunda ka hareupnakeun. Mudah-mudahan sastra Sunda ka hareupna salawasna ngagelarkeun karya nu mibanda ajén sastra nu hadé, nikmat dibacana turta gedé mangpaatna. — Dian Héndrayana
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.