ARIE SUHANDA—sakapeung sok nganggo sandiasma ÉRY WISNU ASUHAN—dibabarkeun di Jampang Kulon, Sukabumi, 21 Maret 1943. Sajak-sajakna dimuat dina Kalawarta Kudjang, Langensari, Manglé, jeung lian-lianna. Salian ti sajak ogé sok nganggit guguritan, di antarana aya anu dimuat dina Puisi Sunda Jilid II. Sajak-sajakna ogé dimuat dina Sajak Sunda (Puisi Sunda Ji¬lid III) anu disusun ku Ajip Rosidi (Kiblat Buku Utama, 2007).