Geus moal bireuk deui keur batur salemburna mah ngaran lalaki tengah tuwuh nu gede wadul jeung gede bohong teh, Wa Dulhong. Dongengna siga nu teu beak-beak, jeung dina ngadongengna direumbeuy ku kecap-kecap beunang ngareka sorangan, lain basa deungeun lain basa wewengkon. Dina Wa Dulhong dimuat salapan carita wadulna Si Ua ditambah hiji carita pangan-teur ngeunaan jatidirina. Nu maca ieu buku bakal mupakat yen sebutan Dulhong teh cocog pisan jeung tabeat Si Ua. Mun henteu seuri sorangannajan henteu nepi ka reumbay cimata ogegeus tangtu ari seuri leutik atawa imut kanjut bae mah. Da teu aya jalma, komo urang Sunda mah, anu teu resepeun kana carita heureuy samodel dongeng Si Ua.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.