Dina surat-surat Ajip Rosidi 1980–1986 bisa dicindekkeun yén dina période 1980–1986 kahirupan umat Islam bener-bener nandangan musibah. Politik réprésif rezim Orba geus ngajadikeun Islam katut Umat Islam ukur objék “wacana”. Dalah saterusna jadi objék téror, boh méntal boh fisik, lain subjék nu mawa mangpaat keur pangwangunan nagara jeung bangsa. Salian ti éta, dicin-dekkeun yén ukhuwah Islamiyah di antara sasama umat kacida pikarisieunana. Tong boro di kalangan awam, di kalangan para élit nu sakuduna jadi imamul ummah ogé bet keuna ku béncéng-céwéng. Para kekentong umat pantar Moh. Roem, Sjafruddin Prawiranegara, Moh. Natsir, jll.na, nepi ka kudu katangén bengkah jeung batur saperjoangan. ‘Ala kulli hal, surat-surat Ajip Rosidi dina buku ieu ngajak urang (umat Islam) ngoréksi diri (muhasabah), nga-hudangkeun kasadaran (ay-yaqzah) jeung ngoméan kaayaan nu salah (at-taubah), ngaliwatan méntal nu kuat ku kawani, pikir nu masagi ku wawasan, sarta tanaga nu nyukupan ku kawisésaan.