Rahwana kula kapaksa ngaluarkeun Guwawijaya. Geura tungkul ka Hyang Agung, geura tanggah ka tempat pangbalikan sajati,” tali gondéwa diwengkang. “Piraku teu seubeuh manéh ngacak-ngacak dunya!” Guwawijaya dilepas. Jagat peteng dituturkeun sora kadia gunung bitu, marengan cahaya mancawura ka satungkebing langit. Barang mulang sabihari, Kunta gagaman Rahwana ilang musnah balik ka nu kagunganana, Hyang Jagatnata. Tutas ngancurkeun pakarang lawanna, Guwawijaya nyiriwik meulah angin, sarta teu kungsi lila kadéngé aya sora ngagoak. Sirah Rahwana sidik ngagelenceng, leupas tina janggana.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.