Kantun lima puluh deupa. Jamparing parantos numpang dina gondéwa. Ranténa ngambay ka handap. Seuseukeutna nujul kana lebah suku kidang. Tali gondéwa dipentang. Sabelesateun ngaringkus sakadang kidang, naha atuh ana belecet téh…. Henteu éta gé ari terus kabur mah. Malah siga nu ngabeyoan jeung ngulinan. Lantaran lumpatna katémbong rarandegan. Sieun kabujeng ical boroan, Rama kesit ngudag ka palih ki-dul, megat pilumpateunana. Kawas nu ngarti, nu dipegat méngkol ka beulah kulon. Leumpang lain lumpat henteu. Mun kuda mah lumpat jogjrog. Kasebelanana téh deuih, keudeung-keudeung lieuk, keudeung-keudeung lieuk, siga nu nangtang hayang diudag.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.