Ari oa buntutan? Puguh wae ceuk Jang Ardi mah. Lamun aya nu nyebut teu buntutan, ah, kajeun gelut we! Sejen deui pangalaman Pa Niti waktu ulin ka kebon binatang jeung pamajikanana. Manehna manggihan endog gajah. Gancang wae dibawa ka imah, terus disileungleuman ku Pa Niti. Megar? Is, atuh puguh. Barang dirampa ku pamajikanana, bet kakeupeul tulalena. Rea keneh guguyon sejenna. Tangtu wae matak akey-akeyan, tepi ka nyeri kulit seuri balas beubeuteungan. Tapi, mun tea mah nu maca ieu buku teu nyenghel-nyenghel acan, jajauheun mun seuri babarakatakan, sim kuring teu tanggel waler dunya aherat.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.