Dina ieu kumpulan carpon Moal Dimumurah, Ikin Asikin ngangkat rupa-rupa téma kahirupan pilemburan jeung pasisian dumasar kana kondisi jamanna: mojang jeung bujang di jaman pendudukan Jepang (“Moal Dimumurah”), kasarakahan gegedén anu ngalantarankeun papait keur rayat leutik dina mangsa cultuurstelselna Walanda (“Lumpuhna Juragan Aria”); jalma-jalma golongan leutik kayaning supir (“Taluk”), kuli, buruh jeung tukang mikat manuk (”Tukang Mikat”), tukang nguruskeun hayam adu (“Giliran Bah Odo”), guru di lembur singkur, tagiwurna rayat dina mangsa gorombolan ngagalaksak (“Jurig Nyiliwuri”), kahirupan Ki Pamatang jeung sékésélérna (“Sékésélér Ki Pamatang”), jll-na. Kalayan basa anu tapis tur munel, gunem catur anu hégar sarta direumbeuy ku heureuy, Moal Dimumurah matak pogot anu macana.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.