Parawan nu biasa tumpak karéta mesin di jalan sepi téh sihoréng boga masalah beurat, nu matak manéhna datang ka Sherlock Holmes ogé. Geus aya dua minggu leuwih manéhna ditutur-tutur ku lalaki mistérius tur tumpak karéta mesin deuih di tengah leuweung geledegan. Saperti biasa, unggal poé manéhna téh tumpak karéta mesin indit digawé ngajarkeun piano ka anakna Tuan Carruthers. Nu jadi masalah keur Nyi Parawan, waktu manéhna keur aya di imah Tuan Carruthers, ujug-ujug ditangkeup ku Woodley jeung dipaksa kudu nyium manéhna. Ari Woodley téh sobat dalit Tuan Carruthers nu geus sababaraha poé aya di imahna. Ku kajadian éta Tuan Carruthers paséa rongkah jeung Woodley. Dina seuhseuhanana, Tuan Carruthers jeung Woodley téh ngaku-ngaku jadi sobat pamanna Nyi Parawan, nu geus dua puluh lima taun ngumbara ka Afrika Kidul bari euweuh béja-béjana acan.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.