Dina ieu buku dicaritakeun Sunyoto, rumaja nu indit ka Jogja neangan akina, nu cenah beunghar lantaran boga usaha pabatikan di Jogja''''saperti kaunggel dina surat wasiat titinggal bapana, nu dititipkeun ka Pa Murdiam, bapa pulung eta budak. Inditna Sunyoto ka Jogja lantaran diperdaya ku Wa Arsim, lanceukna Pa Murdiam, basa Pa Murdiam gering ripuh. Di Jogja, Sunyoto ngalaman kajadian-kajadian anu matak pikasediheun jeung pikarunyaeun: kaleungitan duit, dikaluarkeun tina pagawean di rumah sakit, dipitenah di tempat gawena di kamasan Pa Diryo. Ku sabar jeung tawekal ka Mantenna dibarengan ku usaha, ahirna manehna bisa papanggih jeung akina.