Nyi Bungsu Rarang nyaritakeun budak bungsu anu dikaniaya ku lanceuk-lanceukna sorangan. Unggal poe manehna kudu digawe paeh poso supaya bisa dahar keur manehna jeung keur Si Leungli, lauk emas piaraanana. Tapi dina hiji poe, waktu Nyi Bungsu Rarang keur digawe, Si Leungli dipaling ku lanceuk-lanceukna, tuluy diasakan pikeun deungeun sangu, didahar balakecrakan. Basa nyahoeun Si Leungli leungit, Nyi Bungsu Rarang kacida kuciwana. Barang ditanyakeun ka lanceuk-lanceukna, hiji oge euweuh nu ngaku. Waktu diteangan ngan ukur kapanggih huluna wungkul. Ku manehna, hulu Si Leungli diboehan, tuluy dikubur di jero imahna. Teu lila ti harita, di imahna melentung sirung nepi ka jadi tangkal anu kacida ahengna. Sabab daunna, kembangna jeung buahna teh kabeh oge mangrupa emas permata.