Dua Wanoja teh buku kumpulan carpon Chye Retty Isnendes nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kreatifna, sarta masarakatna.