“Ema, Ema! Nu nyaah lain ceuk beja! Na naon nu beureum-beureum Dina suku mani euceuy?” Ku katelengesan bapana sorangan, Si Pucuk Kalumpang kudu naek kana taraje bedog anu kacida seukeutna. Unggal-unggal manehna nete kana hambalan taraje, aya bae bagian awakna anu kakeureut, tepi ka ahirna mah ngalumbuk siga daging nu dicacag. Ku bapana daging Si Pucuk Kalumpang teh diparabkeun ka Si Jelug, hayam jago kukutanana.