Si Dirun teh budak bengal, teu nurut ka kolot, jeung sok ngabohong deuih. Di sakolana mindeng gelut, nepi ka sok diseukseukan guruna. Duit keur bayaran sakola, kalah ka dipake ngadu, nepi ka erlojina oge dijual, keur masang kartu. Hiji poe Si Dirun susumpit ka sawah. Tapi bet kamalinaan, jongjon ngudag-ngudag manuk, nepi ka poho balik. Indungna neangan, cul seuneu di hawu. Gur teh imah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun maot kalentab seuneu. Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwana. Ari uwana teh pohara meditna. Si Dirun ukur dititah ngangon munding, daharna mah henteu dipalire. Hiji poe mah kasarean di saung ranggon. Barang lilir, hujan gede naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, maksudna rek nyalamatkeun munding. Tapi Si Dirun kabawa palid. Basa isukna eling, singhoreng manehna teh geus aya di tengah laut... Saterusna mah lalampahan Si Dirun teh istuning aheng, tur matak pogot macana.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.