Dina sajarahna, guguritan teh lain asli hasil budaya urang Sunda. Tapi hasil ''nginjeum'' tina budaya Jawa ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu seba ka Mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17. Di Mataram, para Bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa budaya Jawa saperti undak usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, eta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para menak nu mindeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun. Dina ieu buku, guguritan nu dimaksud nyaeta dangdingan beunang para sastrawan Sunda anu umumna dimuat di media massa, mangrupa piwulang, gambaran rasa lirik nu nulisna, pedaran atawa cutatan lalakon nu geus aya, jsb. Guguritan dibdakeun jeung wawacan dina hal wawacan biasana leuwih panjang tur geus jadi buku anu aya lalakonan.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.