Bawirasa dina carita-carita pondok munggah haji beunangna Maman M.S. aya oge hal-hal anu mun dititenan beda ti nu lian. Lalampahan pangarang ka tanah suci anu sakabehna ditulis dina wangun carita pondok, taya kesan jiga ngahaja-haja hayang ngebrehkeun sikep, pamadegan katut pamanggihna kana unak-anik rukun Islam anu kalima. Meh sakabehna carita pondok nu dikumpulkeun dina ieu buku aya muatan humorna ti nu kasebutna carita pondok lucu, cara “Wadah Heucak”, “Ku Tutur”, jeung “Pibesaneun”; atawa situasi nu matak kapiasem lantaran ku kaayaan (komedi situasi) upamana wae dina “Ngantay” jeung “Ciri” nepi ka humor nu ngandung lenyepaneun (”Buka” jeung “Haji Murah”). ~ Duduh Durahman