Lain lalakon jurig cara nu sok didongengkeun ku Ki Umbara. Ieu mah lalakon Ratu Bungsu Karma Jaya jeung Ratu Emas Bagandan Sari. Nu kasep jeung nu geulis. Nu kasep ti Pajajaran, ari nu geulis ti Cihanjuang. Patepungna di hulu dayeuh Margacina basa duanana katalangsara. Bagandan Sari ditundung ku dulurna, Ratu Emas Malanggi Rarang, pedah ngimpi tur hariwang aya nu kasep kalah bogoh ka adina. Disiram ku cai pijanaan tarum tepi ka awakna hideung lestreng badis lutung. Ari Karma Jaya tohtohan teuing digawe nyieun parigian, minangka salah sahiji sarat pikeun migarwa Malanggi Rarang, tepi ka awakna kuru tur hideung kawas lutung deuih. Ari geus puguh kawas lutung mah, Karma Jaya teh ku Malanggi Rarang kalah disieuhkeun sina ngabaturan Bagandan Sari. Tapi kersaning Sunan Ambu Ciru Wananggay di kahiangan, sanggeusna mandi di leuwi Karma Jaya jeung Bagandan Sari awakna balik deui kawas sasari, kasep jeung geulis deui. Ngan orokaya Malanggi Rarang nu culika tea keukeuh hayang mikaboga nu kasep. Atuh Karma Jaya jeung Bagandan Sari teh masih keneh kudu nyorang rupa-rupa tanjakan samemeh tinemu bagja di Nagara Margacina. Kitu leuwih kurangna mah nu didongengkeun ku Ki Umbara teh, dumasar kana carita pantun nu populer di Kuningan.
Cover Belakang Buku "Lutung Leutik" oleh Ki Umbara Buku ini menggali sejarah dan variasi pantun di Indonesia, terutama di daerah Sunda. Mulai dari definisi pantun hingga variasi pantun di Bogor, pantun Beton, dan pantun Kuningan, buku ini menyajikan latar belakang dan pengembangan pantun dalam konteks budaya Sunda. Penulis, Ki Umbara, melalui penelitiannya, menggali data dari berbagai sumber, termasuk karya-karya draf penulis pantun di era 1970-an, untuk memaparkan perjalanan pantun dalam masyarakat Sunda. Selain itu, buku ini juga menggambarkan peran dan teknik penyajian pantun oleh pelaku pantun, serta evolusi bentuk dan cara penyajian pantun dalam konteks modern.
Unduh untuk perangkat lain: