Geus dina sajak-sajakna anu munggaran, Etti nembongkeun dirina minangka hiji panyajak anu sawawa, boh dina pilihan ungkarana boh dina sikep dirina. Dina sajak-sajak Etti, kalimah-kalimah basajan jiga anu sacara otomatis jadi metafora anu mere harti rangkepan, nu nyababkeun sajakna winangun ku lapisan-lapisan makna anu dina waktu maca munggaran mah tacan kakobet. Etti ngamangpaatkeun anasir-anasir puisi Sunda tradisional kayaning purwakanti, metafora jeung lian-lianna sacara tapis tur efektif. Kadeudeuhna ka banjar karang pamidanganana, kawanohna kana sajarah katut tokoh-tokohna, kitu deui karesepna anu taya sudana ngaprak ka seseluk nu salingkur pilemburanana, jiga cinyusu anu ngagelenggeng jadi sumber sajak-sajakna. ~ Ajip Rosidi
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.