Ilaharna nu keur ngaronda, sok ngawangkong ngaler-ngidul. Kitu deui basa hiji peuting Salhiam saparakanca ngariung di garduh. Mimitina nyaritakeun kasusah hirup, usaha nu taya menyatna, atawa malarat saendeng-endeng. Brasna kana ngalamun, pada-pada hayang beunghar. Terus medar dongeng paripolah jalma-jalma sasar-lampah, nu hayang beunghar ku cara muhit ka dedemit muntang ka siluman. Naha enya aya jalma-jalma nu nyiar harta ku cara munjung? Karangan-karangan Moh. Ambri, geus hamo bireuk deui. Basana lancar, henteu rea pangraeh, sarta jejerna museur dina kanyataan. Jejer carita dina Munjung, saperti nu ngipri, nyegik, ngingu kecit, jeung sabangsana, saenyana mah apan carita nu dicaritakeun deui, dumasar kana pangalaman tokoh-tokoh nu keur ngawangkong. Percaya atawa henteuna mah, nyanggakeun.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.