Kumpulan carpon Hayang Panggih jeung Nabi Hidir rereana nyaritakeun tokoh-tokoh basajan nu hayang ngaronjatkeun kasolehan dirina, atawa tokoh nu aya patalina jeung kahirupan religius, sanajan tema nu diangkat dina masing-masing carpon teu sarua: lingkungan (Beja ti Pasir Taraje jeung Aki Dipa), halodo panjang dina usum Pilkades (Katiga Entak-entakan), ngamumule basa indung (Siwah), jll-na. Lian ti eta, aya dua carpon, boa leuwih, nu ngaguar fragmen-fragmen kahirupan nu kungsi kaalaman ku pangarangnawartawan kahot no keur tihothat ngaleuweungkeun deui pasir-pasir di lemburna. Najan beda dina gaya nyaritanya, carpon-carpon Usep Romli teh saperti sawatara carpon Ki Umbara atawa Ahmad Bakri, kakolomkeun kana sastra dakwah, sastra nu boga nawaitu umajak ka nu macana sangkan neuleuman ajaran Islam ngaliwatan para tokoh anu jadi jejer caritana.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.