Dina carpon-carponna Yus Rusyana geus ngagunakeun setting sajarah Sunda dina rupa-rupa tahap, tapi anu ngagambarkeun kahirupan Ki Sunda boh nu sifatna jasmaniah boh nu ruhaniah. Kabehanana ngabuktikeun yen Yus Rusyana wanoh enya kana hirup-hurip Ki Sunda. Tur eta teh digambarkeun make gaya basa nu nembongkeun usahana dina enggoning ngagunakeun kabeungharan basa Sunda, boh nu mangrupa undak-usuk boh anu mangrupa kosa kecapna, nepi ka karasa merenah. Carita-caritana lain bae geus ngahudangkeun deui kajadian-kajadian anu kungsi kaalaman dina sajarah Sunda, tapi oge geus ngagambarkeun kahirupan urang Sunda dina tahap-tahap kamekaranana ku ngagunakeun basa Sunda nu ngabuktikeun yen anjeunna apal kana lilinggeranana katut kajembaran kekecapanana.