Ari lembur ema ayana teh deukeut pisan ka ponclot pasir. Ngali sumur, jerona tepi ka linggis pegedug jeung batu ngampar ge can pareng papanggih jeung peureu atawa cadas beueus. Ceuk ema mah lembur Ciharendong Tonggoh teh ayana lebah halis pasir pisan. Nelah we sarerea ge nyebutna teh Halis Pasir. Kuring jeung adi nu hirup di kota, sok pada ngageuhgeuykeun, pajah teh abong urang Halis Pasir... Eta cutatan tina carpon Halis Pasir salasahiji tina tilu belas carpon yasana Us Tiarsa R. Dina ngagambarkeun kajadian atawa adegan tokohseting, lingkungan sabudeureunana, jllUs Tiarsa estuning parigel ngolah carita nepi ka bubuk leutikna, teu beda cara wartawan nulis berita atawa laporan. Kaharti, da anjeunna mah wartawan. Malah sakapeung mah carponna nyosok jero neuleuman kahirupan batin tokohna.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.