Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan obrolan ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah. Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling henteu imut dina hate.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.