Dina obrolan-obrolan Serial Ua Haji Dulhamid: Ronggeng Sajajagat, Leumpeuh Yuni, jeung Cobek Belut téh rea nasehat anu marunel sanajan eusina mah lolobana geus bari lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeunana ku Ahmad Bakri—ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna, di emperan masjid atawa di imahna—diselapan ku heureuy anu has pilemburan, eta nasehat jeung pituah teh teu karasa mapatahan ka nu macana. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman beh ditu, anu kaalaman ku Ua Haji jeung nu sapantaranana tapi henteu kaalaman ku nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongeng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibandingkeun jeung para pangarang Sunda lianna.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.