Ngaran panjangna mah Mamih Dewok. Sapopoena disebut Si Mamih. Awakna bayuhyuh, teu matut, paripolahna sakapeung mah minculak. Tapi loba nu resepeun, ti mimiti budak nepi ka aki-aki. Mun seug boga pangawakan lenjang, Si Mamih teh estuning keur meumeujeuhna. Si Mamih mah bisa mancala putra-mancala putri; sakapeung jadi parawan, sakapeung geus boga budak, sakapeung jadi randa. Sapopoena kawas tara ganti baju, angger we make nu totol-totol hideung. Saha ari bapana? Saha deui atuh, lamun lain Edyana Latief Karung, kartunis nu gambar-gambarna remen dimuat dina media massa Sunda.