Puputon nyaritakeun cinta segitiga; antara Mamay-Ismet-Astri. Mamay, bojo Ismet nu kadua. Ismet ngarangkep ka Mamay lantaran teu boga turunan ti Astri nu divonis gabug ku dokter. Puguh we susulumputan, sabab Astrina kungsi ngancam rek maehan maneh mun dicandung. Ka Astri, Ismet sabenerna masih keneh micinta, ka Mamay deuih Ismet bogoh. Masalah timbul nalika Mamay bobot. Sanggeus dina hiji waktu panggih jeung Astri, timbul kasadar dina hat Mamay yen dirina geus ngaruksak kabagjaan papada awewe.Sabada orok lahir jeung Mamayna keur diopnameu di rumah sakit, ku Ismet dicandak ka imahna sarta diakukeun orok batur. Rusiah kaboker nalika ibuna Ismet ngalongok, lantaran aya beja Ismet boga orok. Ka ibuna Ismet balaka yen eta orok teh lain anak batur, tapi anakna pribadi ti awewe anu dinikah kalayan sah. Ku Astri, carita Ismet kadenge'''' Ahirna Mamay menta dipirak jeung anakna rek dibawa, padahal Astri ge geus mundur sangkan mere kesempetan keur Ismet jeung Mamay ngawangun rumah tangga anyar. Ngan wae, sanggeus Mamay dipirak, Astri teu hayang hirup babarengan jeung Ismet lantaran ngaragangan nasib Mamay. Ka Ismet, Mamay nyarita, ;Wios, Ati mah urang jantenkeun puputon, janten kadeudeuh urang sadayana. Kadeudeuh Kang Is, kadeudeuh Ceu Astri, kadeudeuh ibu Kang Is, kedeudeuh Mamay;
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.