Keur beca ngadius dibawa angin subuh, moro setatsion, golek saenyana can tanceb kayon, basa ditinggalkeun teh Semar keur ngaweweleh Batara Guru jeung Kabayan Dewa Sang Kanekaputra. Bari ngadangheuak ngadayagdag kana panyarandean, biwir balem, ku tiris, tapi bari mesem inget ka nu ditinggalkeun: nu ngeuleuyeung kembang beureum jeung Nyi Duyeh. Jero hate: iih Bandung loba nu kitu, loba nu garering pikir.