Nanan ngarenghap panjang. Panonna rurat-rérét ningalian sato nu karumpul hareupeunana. Keur kitu solongkrong maung lodaya nyampeurkeun ka Nanan. Éta maung lodaya téh brek wé deku, bari terus nyiuman suku Nanan. Atuh Nanan ngarenjag lain dikieuna. “Deuh, ieu meureun anu baris ngabaturan kaula téh,” cék gerentes Nanan. Gaur éta maung lodaya téh ngagaur.