"Gafuuur..., tulung...” Ti luhur kadéngé nu ngagorowok. Teu lila tina tungturunan tangga, Nyonya Adiguna lumpat ti babaranting, Alam ngoréjat, saréréa lumpat muru Nyonya Adiguna. “Papih...Papih...tulungan di luhur!” Saréréa lumpat muru ka luhur, tapi basa kuring ngarérét deui ka handap katénjo Karsa, Alam, Gafur jeung Saléha geus ditahan teu meunang milu ka luhur. Tinggal duaan nu terus muru, dituturkeun ku pulisi duaan, nu dua ngajaga di handap. Rey bulu punduk muringkak, jerit Suminar ngajerit terus ngagabrug ka kuring. Ari pulisi nu duaan rikat ngaburu Adiguna nu geus baloboran getih. Pigeulang leungeunna nu getihan geuwat dibeungkeut. Saurang deui lumpat muru télépon....