Nanging, sora nu nangis téh bet pikarunyaeun pisan. Melas-melis kawas nu putus harepan. Abdi asa-asa. Komo barang ceurikna lirén sarta aya nu ménta tulung, abdi yakin yén nu ceurik téh jalmi. Abdi ngadeukeutan éta tempat najan masih kénéh bari sieun.... Kapendak téh, ieu murangkalih nangkeup tuur bari nangis. Manéhna aya jeroeun rungkun nu kacida rembetna....”