Wawacan Panji Wulung téh salah sahiji wawacan anu pangpopulérna, lain baé di kalangan urang Sunda, tapi ogé di luareunana. Éta wawacan nu dikarang ku Radén Haji Muhammad Musa (1822-1886) téh kungsi disalin kana basa Jawa ku Pangéran Adipati Arya Mangkunegara IV, ti dinya disalin deui kana basa Madura. Atuh dina basa Sunda, éta buku téh dicitakna mangkali-kali, boh dina aksara Jawa-Sunda boh dina aksara Latén. Nya dina raraga ngaleungitkeun kapercayaan kana tahayul jeung melakkeun moral ”utama” nu matak salamet dina hirup, R.H. Muhammad Musa nganggit Wawacan Panji Wulung. Béda tina wawacan-wawacan lianna anu pinuh ku rupa-rupa kasaktian anu arahéng, dina Wawacan Panji Wulung mah, dibolékérkeun pisan yén dukun anu majar sakti téh, saenyana mah sailon jeung pawarang raja anu mitenahkeun selir kakasih sang raja nu harita keur ngandeg. Éta dukun ahirna maot ku Panji Wulung, budak anu lahir tina kandungan selir nu teu tuah teu dosa tur ditibanan hukuman pati ku raja, tapi disalégorkeun ku patihna nepi ka salamet ngalahirkeun sarta tuluy budakna dirorok, nepi ka jadi satria pinilih.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.