Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula. Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait pikir jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur. Tah, kumaha ari geus kitu? Sae diaos bae. Matak pogot macana geura. Da sok sanajan rangkayna meunang mindahkeun tina naskah drama Le Medecin Malgre Lui karya Moliere (1622-1673) ge, ieu novel karya Mohamad Ambri (1892-1936) teh teu wudu karasa nyundana. Barina ge saha nu teu apal ka Mohamad Ambri, pangarang Sunda kawentar anu karangan-karanganana teu weleh dipikameumeut ku balarea.