Nepi ka ayeuna guguritan-guguritan Haji Hasan Mustapa téh ngan sumebar di sawatara kalangan anu mikagum jeung mikaresepna, mangrupa hasil silih salin, paling-paling disténsil, tacan aya nu dibukukeun, kajaba ti guguritan “Biantara Kasinoman” nu dimuat dina Volksalmanak Soenda (1929) jeung sawatara guguritan anu dimuat dina Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana (Ajip Rosidi, Pustaka, Bandung, 1988), beunang disebut henteu dipikawanoh ku umumna urang Sunda. Nu matak usaha medalkeunana dianggap penting, ambéh urang Sunda wawuheun kana karya-karya bujangga anu teu weléh dipikareueus jeung dipiagulna. Dina Séri Guguritan Haji Hasan Mustapa nu kahiji ieu, dimuat pupuh Dangdanggula Sirna Rasa, ditranskripsi tina mikrofis naskah nu aya dina koléksi UB Leiden ( Or. 7875c).
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.