Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus dijawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikramasena kalaksanakeun jadi ratu nanggulang, murba saalam dunya, malah katut jeung sakabeh kahiangan.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.