Nasaruddin—Nasaruddin Hoja atawa Kwaja Nasaruddin—nyaeta ngaran tokoh carita rakyat (folklore) kamashur di wewengkon Timur Tengah, Balkan, Yunani, jeung sabudereunana. Carita ngeunaan Nasaruddin, sumebar ka sakuliah dunya, dina rupa-rupa basa katut vérsi. Carita winangun carita pararondok—nu disebut anekdot—ngandung humor “konyol” tapi ngahudang pikiraneun, ngandung lenyepaneun. Ceuk para ahli folklore, tokoh Nasaruddin sakapeung miwanda kaaliman ulama, kabinekasan hakim jeung kamaheran mahaguru. Sakapeung ngaharib-harib kana sipat polos, nyosok jero, nerag rasa. Tapi teu weléh anteb, ngemu hakekat bebeneran hirup.