Awewe Dulang Tinande teh buku kumpulan carita pondok nu ngagambarkeun kahirupan urang Sunda dina tilu jaman: jaman normal (jaman Hindia Belanda), jaman Jepang (1942-1945), jeung jaman sabada Indonesia merdeka. Dina ieu buku, Tjaraka, nu ngalaman kahirupan dina eta tilu jaman, hade pisan ngagambarkeun kondisi manusa Sunda dina masing-masing jaman, sanajan sakapeung karikatural. Nu panghadena nyaeta Haturan Agan Nunung Rajainten nu mangrupa surat atawa panineungan anu ditujukeun ka Agan Nunung Rajainten nu geus maot, ngeunaan pangalaman abdi jeung Agan Nunung. Ku cara kitu, pangarangna sacara langsung ngagambarkeun ayana panta-panta sosial dina pakumbuhan Sunda mangsa harita. Carita-carita dina ieu buku kabehanana ngabuktikeun yen Tjaraka teh pangarang anu seukeut paniten sosialna, sarta mampuh ngawujudkeun hasil panitenna tea dina wangunan carita nu ngagunakeun basa Sunda nu hirup hurip.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.