Ngaliwatan carita-carita dina Kasambet (kumpulan episodeu kahirupan sapopoe Jang Udin, anak Juru-tulis desa jeung babaturanana), Ahmad Bakri mere atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain bae hade dibaca ku barudak, tapi oge ku kolot anu boga budak nu masih keneh sakola di SD, jeung ku para guru deuih.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.