Lebe Kabayan teh karya anu dipasieup ku pangarangna kalayan ngagunakeun tokoh karikaturis Sunda: Si Kabayan. Sabab memang tokoh anu baris dicaritakeun teh nyaeta jelema anu teu salah mun disebut rada bodo, rada teu eucreug, pangedulan, gede napsuna, hayangeun ngamangpaatkeun jabatan sanajan jabatan leutik ge, gede kahayang tapi teu ngukur kana kaayaan diri sorangan, jll-na, nu sabagian di antarana sabenerna mah ngagambarkeun pasipatan diri urang. Jigana Ahmad Bakri boga maksud ambeh urang, nu maraca, ngaraca dirina sorangan kana eunteung lalakon Si Kabayan anu dina ieu novel ngalakonkeun peran jadi Lebe. Ari dina nyaritakeunana, pangarang anu hiji ieu mah teu kudu diwanohkeun deui. Saperti dina novel-novel atawa carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kasang tukang jeung seting ieu novel nyaeta kaayaan jaman normal, jaman urang masih keneh dijajah ku Walanda.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.